Idul Fitri 2024
35+ Ucapan Selamat Lebaran Idul Fitri 2024 Bahasa Sunda
Berikut contoh ucapan selamat lebaran Idul Fitri 2024 dalam Bahasa Sunda
Penulis: fitriadi | Editor: fitriadi
Neda dihapunten sadaya kalepatan sim kuring. Wilujeng Boboroan Siam 1445 H.
21. Bilih kantos kasisit ati, kapancah kalengkah ucap, kajenggut kababuk catur, tawakufna nu kasuhun. Hapunten sadaya kalepatan. Wilujeng boboran siam 1445 H. Taqqobalallahu Minaa Wa Minkum.
22. Ngeunteung na raga katineung, nyaliksik diri ngarampa dada bari reureuh milang dosa, breh bulan pangharepan geus lekasan poe fitri nembongan. Wilujeng boboran siam 1445 H, neda sihapunten.
23. Wilujeng boboran siam 1445 H. Minal aidin wal faizin. Mugi barokah nuyun lakuning lampah urang dina enggoning nyorang sawelas sasih anu bakal karandapan.
24. Wening galih nu dipamrih, jembar manah nu dipiwegah. Wilujeng boboran Siam 1445 H, kalayan neda dihapunten tina samudayaning kalepatan.
25. Taya basa nu bisa direka, taya saur nu bisa jadi pangjajap catur, lintang ti kedalna ucapan “Wilujeng boboran Siam” neda dihapunten lahir tumekaning batin.
26. Bilih aya tutur saur nu teu kaukur, reka basa nu matak nyugak kana manah, laku lampah nu teu merenah, neda sih hapunten tina samudaya kalepatan lahir sinareng batin. Wilujeng boboran siam
27. Niti wanci nu mustari ninggang mangsa nu lugina, nyucikeun panyakit ati, balik diri kanu suci hapunten samudaya kalepatan lahir sinareng batin. Wilujeng boboran Siam 1445 H.
28. Bersih galih nu diperedih, léah mana nu diseja, dina ieu fitri kiwari, wanci nu mustari susuci diri nyanggakeun hapunten nu kasuhun.
29. Wilujeung Boboran
Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu sampurna dina Idul Fitri 1445 H ieu.
Hayu urang sami-sami ngabersihkeun rereged ati, tina khilaf sinareng dosa.
Taqqobalallahu Minna Wa Minkum, Shyiamana Wa Shyiamakum.
30. Pami langkah tos midamel lara, tur lisan nu sok nyusun kapalsuan, nepi kangajantenkeun lukana manah.
Dina dinten boboran (lebaran) ieu pamugi lawang hampura anjeun masing kabuka.
مِنَ الْعَائِدِيْنَ وَالْفَائِزِيْنَ
Sim abdi sakulawargi neda ngahaturkeun wilujeung boboran, hapynten samudaya kalepatan.
31. Upami Manah Saindah Cahaya Bulan, enggal hiasan ku bentang kaimanan, Upami Manah saputih awan
Kade tong sampe ngahalangan panon poena taqwa,
Sim kuring ngedalkeun مِنَ الْعَائِدِيْنَ وَالْفَائِزِيْ
Wilujeng boboran sim abdi nyuhunkeun dihapunten lahir seinareng bahin.
32. Khilaf sareng Ngalantur etateh nu janten sipatna abdi, ari nyuhunkeun panghampura eta kawajiban abdi.
Ngabersihkeun hate tina sagala dosa eta anu jadi tujuan abdi
Dina dinten nu fitrah ieu kalawan rendahning ati sim abdi ngahaturkeun;
تَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ صَيَامَنَا وَصِيَامَكُمْ، مِنَ الْعَائِدِيْنَ وَالْفَائِزِيْنَ
Wilujeng boboran sim abdi sakulawargi nyuhunkeun dihapunten lahir seinareng batin.
33. Sadaya jalmi tiasa ngiring lebaran, Tapi teu sadaya jalmi tiasa ngiring Idul Fitri
Mugi urang kalebet jalmi nu tiasa ngiring Idul Fitri 1445 H ieu.
Wilujeng boboran siam 1445 H. Hapunten samudaya kalepatan.
34. Batin nu usik nyaliksik diri, Bilih kasabit kaciwit ati, karumpak ungkara basa
Kadudut kalindu qalbu, Mugia rido galih jembar pangampura tina samudayaning kalepatan.
Wilujeng boboran siam 1445 H. Hapunten samudaya kalepatan.
35. Bilih aya langkung saur bahe carek kaciwit kulit kabawa daging
Tunggul dirurud catang dirumpak, Nyungkelit ati teu genah manah, Mundut pangampura.
Wilujeng boboran siam 1445 H.
Taqqobalallahu Minna Wa Minkum, Shyiamana Wa Shyiamakum
(Tribunbanten.com/Tribunpriangan.com/Riswan Ramadhan Hidayat)
| Niat Puasa Senin Kamis Bahasa Arab, Latin dan Terjemahannya Serta Beragam Manfaat Puasa |
|
|---|
| Baju Lebaran Shimmer yang Trend di Medsos, Begini Cara Merawatnya, Jangan Cuci Pakai Mesin Cuci |
|
|---|
| Niat Puasa Syawal 6 Hari Lengkap Keutamaan dan Tata Caranya, Bolehkan Tidak Berurutan Ini Dalilnya |
|
|---|
| Efek Buruk Makan Opor dan Rendang yang Dipanaskan Berulang Kali: Bisa Sebabkan Stroke |
|
|---|
| Bisa Tahan Satu Minggu, Begini Cara Simpan Ketupat Lebaran agar Tidak Cepat Basi |
|
|---|

Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.